MANQOBAH KA 11 NYARIOSKEUN NGADAMPALNA KANGJENG NABI KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun
ku Syekh Rosyid Bin Muhammad Al-Junaidi: "Dina wengian mi'roj Kangjeng
Nabi, sumping malaikat Jibril nyandak buroq. Ari talapokna eta buroq ngagebur
cara bulan. Ari paku-pakuna cara bentang. Barang disanggakeun ka Kangjeng Nabi,
eta buroq henteu daekeun cicing. Timbalan Kangjeng Nabi: "Kunaon buroq, numatak
maneh henteu daek cicing, naha maneh teh embung ditumpakan ku kaula?".
Tuluy eta buroq unjukan. Pokna: "Nyawa abdi jadi tetebus taneuh gamparan
Gusti. Abdi sanes henteu purun ditunggangan ku Gusti, mung abdi aya panuhun ka
Gusti, nyaeta dina dinten kiamah, nalika Gusti bade lebet ka surga, ulah
nunggangan nu sanes". Dawuhan Rosululloh: "Heug, dikobul pamenta
maneh". Unjukan deui eta buroq: "Mugi Gusti kersa nyepengkeun
panangan Gusti kana punduk abdi, supaos jadi tawis dina dinten kiamah".
Teras panangan Kangjeng Nabi dicepengkeun kana pundukna buroq. Kumargi eta
buroq kalintang bingahna, dugi ka jasadna eta buroq henteu cekap pikeun wadah
ruhna. Kapaksa eta buroq harita keneh ngajangkungan dugi ka 40 hasta. Tidinya
Kangjeng Rosululloh ngadeg sakedap, wireh ningali buroq sakitu jangkungna,
tawaquf kana titihan anu saneh. Tidinya teras sumping ruhna Ghoutsul A'zhom
Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani, teras unjukan: "Gusti, mangga ieu punduk
abdi titih ku Gusti". Teras Kangjeng Nabi nitih kana punduk Ghoutsul
A'zhom. Teras Ghoutsul A'zhom ngadeg. Teras Kangjeng Nabi tunggang kana buroq,
sareng ngadawuh Kangjeng Nabi: "Ieu dampal suku kaula nincak kana punduk
maneh. Ari dampal suku maneh eta nincak kana pundukna sakabeh
waliyulloh".
MANQOBAH KA 12 NYARIOSKEUN NYAKSIANANA GURU-GURU SARENG WALI-WALI KALUHURAN MARTABATNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun
dina kitab Roudlotun Nazhir Fi Manaqibisy Syekh Abdul Qodir, dina bab ka 6, ti
zaman Abi Ali Al-Hasan Al-Bashri dongkap kalahirna Sayyid Abdul Qodir, henteu
aya hiji alim anu muruk agama islam anging pada nyarioskeun kabingahan bakal
zhohirna Sayyid Abdul Qodir. Sareng eta ulama-ulama pada ngaku kana
kawaliyanana Sayyid Abdul Qodir. Sareng ulama-ulama pada nyarioskeun Sayyid
Abdul Qodir bakal ngembarkeun, yen dampal sampeanana bakal nincak kana pundukna
wali. Sareng wali-wali narima kana eta embaran, kajaba hiji wali di nagara
Ashfahan henteu narima kana eta embaran. Kumargi henteu narima kana eta
embaran, eta wali anu sakitu luhungna dilepas tina kawaliyanana. Jadi Sayyid Abdul
Qodir teh ampir 300 taun deui kalahirna, parantos masyhur kawaliyanana.
MANQOBAH
KA 13 NYARIOSKEUN RUKSAKNA JALMA-JALMA ANU NYEBUT JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR
HENTEU GADUH WUDLU
Dicarioskeun
dina kitab Kalzaril Ma'ani, dina nembean Sayyid Abdul Qodir kenging pangkat
kawalian, anjeuna kabuleun ku sifat Jalaliyah, tegesna sifat kagagahan. Tina
margi kitu, jenenganana oge kalintang ahengna, sahingga upami jenenganana
disebut henteu kalawan adab, nyaeta henteu gaduh wudlu, mangka pegat beuheungna
jalma nu nyebut henteu gaduh wudlu tea. Saparantos kitu Sayyid Abdul Qodir
tepang sareng Kangjeng Nabi SAW. Dawuhan Kangjeng Nabi: "Hey Abdul Qodir,
eta pagawean maneh ulah dipigawe, karunya ka jalma-jalma di akhir zaman, sabab
jaga mah pirang-pirang jalma anu nyebut jenengan Allah jeung ngaran kami oge
henteu kalawan adab". Teras eta padamelan ditilar, margi ulama-ulama
Baghdad pada ngadareuheus ka Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta padamelan
ditilar, margi hawatos ka jalma-jalma. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Ieu
teh lain kahayang kaula. Kaula meunang timbalan ti Gusti Allah: "Maneh
geus ngagungkeun kana jenengan Aing, jadi ngaran maneh oge diagungkeun ku Aing.
Dawuhan satengah ulama: "Numawi jenenganana kalintang sangetna, anjeuna
sok ngamudawamahkeun ngaos Saefi Hirzil Yamani karangan Sayyidina Ali kw 'anhu.
MANQOBAH KA 14 NYARIOSKEUN JALMA NU HADIAH KA SAYYID ABDUL QODIR DIHASILKEUN MAKSUDNA
Dicarioskeun
ku guru-guru anu laluhung, saha-saha jalma anu nyebut jenengan Sayyid Abdul
Qodir henteu boga wudlu, mangka eta jalma ku Gusti Allah dirupekkeun rizkina.
Sareng saha-saha jalma anu nadzar hadiyah ka Sayyid Abdul Qodir, eta kudu
dilakonan, supaya ulah kasebut jalma bedegong, matak kawalat. Sareng saha-saha
jalma anu ngahadiyahkeun amis-amis dina malem jum'ah, teras maca fatihah
dihadiyahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, terus eta kadaharanana dibagikeun ka fakir
miskin, sarta eta jalma nyuhunkeun syafa'at sareng karomatna Sayyid Abdul Qodir
dina ngahasilkeun maksudna, tangtu eta jalma meunang pirang-pirang pertulungan
ti Gusti Allah kalawan karomahna Sayyid Abdul Qodir. Sareng saha-saha jalma nu
maca fatihah rek dahar, tuluy dihadiahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, tangtu eta
jalma dibukakeun, dikaluarkeun tina kahesean dunya akherat. Jeung saha-saha nu
nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir bari boga wudlu tur ikhlas anu sampurna,
ngaagungkeun ka anjeuna, mangka eta jalma ku Gusti Allah dibungahkeun dina eta
poe sarta dilebur dosana.
MANQOBAH KA 15 NYARIOSKEUN JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR CARA ISMUL A'ZHOM
Dicarioskeun
dina kitab Haqoiqul Haqoiq, aya hiji awewe ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir,
teras unjukan pokna: "Gusti, abdi teh gaduh anak mung hiji-hijina, ayeuna
ti teuleum di laut. Dupi abdi gaduh kayakinan, yen Gusti tiasa ngabalikkeun
anak abdi sarta hirup. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Enya, jig bae balik.
Anak maneh geus aya di imah". Tidinya teras eta awewe gura-giru balik.
Barang dongkap ka imahna, anakna henteu aya. Tidinya berengbeng deui awewe teh
ka Sayyid Abdul Qodir bari ruwuh-riwih ceurik, unjukan yen anakna henteu aya.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Ayeuna mah tangtu geus aya". Deregdeg
deui eta awewe balik. Ari dongkap ka imahna, anakna teu acan aya keneh. Gowak
deui ceurik. Teras ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, bari ceurik
mamandapan, nyuhunkeun anakna hayang hirup deui, hayang aya deui. Tidinya teras
Sayyid Abdul Qodir nungkulkeun sirahna. Barang cengkat, ngadawuh. Saurna:
"Ayeuna mah moal salah deui, anak maneh geus aya". Tidinya teras eta
awewe balik. Barang dongkap, anakna geus aya di imahna sarta salamet. Tidinya
teras Sayyid Abdul Qodir munajat. Piunjukna: "Jisim abdi kalintang isinna
ku eta awewe, dugi ka tilu kali nembe aya anakna. Kumaha margina, sareng naon
hikmahna numawi dielatkeun, dugi ka abdi kawirangan dua kali?". Dawuhan Gusti
Allah: "Omongan maneh ka eta awewe kabeh oge bener. Barang mimiti
disebutkeun aya teh bener, tapi kakara dikumpulkeun ku malaikat jiwa ragana nu
geus pabencar. Ka dua kali oge bener, tapi kakara jejeg anggahotana sarta
dihirupan. Ka tilu kalina eta awewe datang ka imahna, geus dihanjatkeun ti
laut, didatangkeun ka imahna". Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir unjukan
deui: "Gusti mah ngadamel makhluk anu sakieu poharana henteu kalawan
kasusahan. Nya kitu deui dina ba'atsna ngumpulkeun sakabeh jiwa raga makhluk nu
sakitu seueurna mung sakedet netra. Ari ieu mah hiji budak, naon hikmahna Gusti
numawi sakitu lamina?". Dawuhan Gusti Allah: "Abdul Qodir, maneh
entong jadi raheut hate. Ayeuna pek geura menta, maneh hayang naon, tangtu
dipaparin ku aing?". Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir sujud sarta unjukan.
Saurna: "Gusti kholik anu ngadamel, ari abdi makhluk anu didamel.
Naon-naon oge paparin Gusti, abdi kalintang nuhunna". Dawuhan Gusti Allah:
"Saha anu nenjo kamaneh dina poe juma'ah, ku aing didamel wali. Jeung
lamun maneh nenjo kana taneuh, tangtu jadi emas". Dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: "Gusti, ieu duanana oge henteu pati aya mangfaatna ka abdi. Abdi
nyuhunkeun anu agung ti eta, sareng tetep mangfaatna saparantos maot
abdi". Dawuhan Gusti Allah: "Ngaran maneh dijieun seperti ngaran kami
dina ganjaranana jeung manjurna. Saha-saha anu maca kana ngaran maneh,
ganjaranana sarua jeung maca jenengan kami".
MANQOBAH KA 16 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN HIJI JALMA TI JERO KUBUR
Dicarioskeun
dina kitab Asroruth Tholibin, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalangkung kana
hiji tempat. Anjeuna mendak jalma islam keur paadu paloba-loba omong jeung
bangsa nashroni. Teras ku Sayyid Abdul Qodir dipariksa sabab-sababna papaduan.
Ceuk bangsa islam: "Eta Gusti, paalus-alus nabi. Sanggem abdi, utami
Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ari sanggem ieu nashroni, utami Nabi Isa".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir ka nashroni: "Eta maneh nyebutkeun utami Nabi
Isa, naon dalilna?". Ceuk nashroni: "Eta, Nabi Isa mah sok tiasa
ngahirupkeun jalma nu geus maot". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Maneh
nyaho kaula lain nabi, ngan saukur anu anut jeung nyekel agama Nabi
Muhammad?". Ceuk nashroni: "Kantenan bae terang mah". Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: "Lamun kaula bisa ngahirupkeun anu geus maot, maneh
rek iman ka Nabi Muhammad?". Jawabna: "Kantenan bade iman".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Coba urang neangan kuburan anu geus
heubeul". Nya manggih kuburan anu kira-kira geus 500 taun lamina. Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: "Nabi Isa ari ngahirupkeun anu geus maot, kumaha
pokna?". Ceuk nashroni: "Qum bi idznillàh". Hartosna:
"Hudang maneh kalawan idzin Allah" . "Geura kami mah dengekeun
kieu: Qum bi idznì". Hartosna: "Nangtung maneh kalawan idzin
kami!". Tidinya tuluy eta kuburan beulah. Tuluy eta mayit teh bijil ti
kuburna bari nembang. Tadina eta jalma tukang tembang, Teras eta nashroni asup
islam.
MANQOBAH KA 17 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI MALAKAL MAUT
Dicarioskeun
ku Abbil Abbas Ahmad Rifa'i: "Salah sawios khodamna Sayyid Abdul Qodir
maot. Teras pamajikanana ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, keukeuh nyuhunkeun
salakina hayang hirup deui. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir muroqobah, mangka
ningali anjeuna dina alam bathin, malakal maot keur hanjat ka langit nyandak
roh nu dicabut dina poe eta, diwadahan dina wadah ma'nawi sarupi zambil.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Heh Malakal Maut, eureun heula, jeung
kadieukeun roh bujang kaula si anu ngarana !". Saur Malakal Maut:
"Moal tiasa masihkeun, margi kaula nyabutan arwah teh lain sakarep-karep
kaula, tapi kalawan parentahan Pangeran, sarta kudu disetorkeun ka
anjeuna". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Enya, kaula oge terang. Tapi
eta mah roh bujang kaula, kadieukeun bae". Saur Malakal Maut: "Moal
tiasa !". Keukeuh anu nyuhunkeun sareng keukeuh anu henteu maparinkeun.
Tungtungna dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Kalawan kamahabbahan kaula ka
Gusti Allah, kadieukeun eta roh bujang kaula !". Bari teras eta wadah
arwah teh direbut ku Sayyid Abdul Qodir. Teras diucutkeun. Atuh budal sadayana
roh anu kenging nyabutan ti isuk teh laleupasan, baralik deui kana jasadna.
Tidinya teras Malakal Maut teh unjukan ka Gusti Allah Anu Maha Suci. Piunjukna:
"Beu Gusti, Gusti langkung uninga kana kaayaan kakasih Gusti, wali Gusti
Abdul Qodir". Dawuhan Gusti Allah: "Enya eta Abdul Qodir teh kakasih aing.
Bongan roh bujangna kumaneh henteu dibikeun, jadi bae roh anu sakitu lobana
mawur. Ayeuna maneh hanjakal henteu dibikeun".
MANQOBAH
KA 18 NGAJADIKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR BUDAK AWEWE JADI LALAKI
Dicarioskeun
ku Syekh Hawad Al-Qodiri: "Aya hiji lalaki ngadeuheus ka Sayyid Abdul
Qodir, unjukan hayang gaduh anak lalaki. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Maneh menta barang anu gholib, heug moal henteu boga". Tidinya eta
jalma saban dinten henteu petot-petot hadir di majlis Sayyid Abdul Qodir.
Barang parantos lami, eta jalma kalawan kapastian tinu Maha Kawasa gaduh anak,
tapi anak awewe. Teras eta anakna dicandak ka SAQ. Piunjukna: "Gusti,
kapungkur abdi nyuhunkeun anak lalaki. Dupi ieu gening awewe?". Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: "Eta orok buntel. Jig balik. Tangtu engke jadi lalaki
!". Teras eta orok dibuntel dibawa balik. Barang dibuka di imahna, eta
budak jadi budak lalaki kalawan idzin Allah Ta'ala.
MANQOBAH KA 19 NYARIOSKEUN SALAMETNA 1 JALMA PASEK KU JAWABANANA ABDUL QODIR KA MALAIKAT MUNGKAR WA NAKIR
Kacarioskeun
di jaman Sayyid Abdul Qodir, aya hiji jalma pasek. Tapi eta jalma kacida
mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Saeunggeus eta jalma maot, di jero kubur
disual ku Malaikat Mungkar wa Nakir. Henteu aya deui jawabna eta jalma ngan
Abdul Qodir. Tidinya sumping timbalan ti Gusti Allah: "He Mungkar wa
Nakir, eta jalma bener pasek, siksaeun. Tapi kulantaran manehanana mahabbah ka
kakasih aing, ayeuna dihampura ku aing".
Post a Comment (0)