MANQOBAH Tuan Syekh Abdul Qodir Al Jaelani QS. KA 1 - 10 (Basa Sunda)




Alaa Inna Auliyaa Allahu Laa Khaufun 'Alaihim Walaahum yahzanuun... 


Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Allah anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna. Rahmat sareng salam anu utami muga tetep ka pangafdol-afdolna Nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu'jizat, anu diutus jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana sahabat, sareng kasadayana auliyana Allah anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat. Amma ba'du.

Mangka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna Sulthonul Auliya Wa Imàmil 'Ulama Assayyid 'Abdul Qodir Al-Jailani qsn, kenging metik tina kitab 'Uqùdul Lalali Fi Manaqibil Jaelì, sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid 'Abdul Qòdir. Mudah-mudahan aya mangfaatna ka sadayana dulur-dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu kagungan ieu manaqib.

Mudah-mudahan kuberkahna anu kagungan ieu manaqib, Gusti Nu Maha Suci ka urang sadayana nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya akherat, dihasilkeun pamaksudan diwuwuh kasalametan. Amin.


MANQOBAH KA 1 NYARIOSKEUN NASABNA SAYYID ABDUL QODIR

Ari Sayyid Abdul Qodir teh nyaeta putrana Abi Sholeh Janaki Dasti putra Abdulloh putra Yahya Azzahid putra Muhammad putra Daud putra Musa Ats-Tsani putra Abdulloh Tsani putra Musa Al-Jun putra Abdulloh Al-Mahdi putra Hasan Al-Mutsanna putra Sayyidina Hasan cucu Kangjeng Rosululloh SAW putra Sayyidina Ali bin Abi Tholib k.w. sareng putra Siti Fathimah binti Rosululloh SAW. Jadi ayeuna tetela pisan yen nasabna Sayyid Abdul Qodir teh nasab anu kalintang luhurna sareng agungna, sahingga satengah ulama ngadamel tawasul ku Sayyid Abdul Qodir ku rama-ramana dina ngahasilkeun rupi-rupi pamaksudan, sepertos ieu: "yà robbanà bilhaikalin nùrònì, albàzi abdul qòdiril jailànì, usluk binà nahjal hhidàyati wakhminà, ming syarri kulli ma'ànidin awjàni, bi-abìhhi 'abdillàhi farrij karbanà, waqdli hawà-ija 'abdikal walhhàni, wa bijinnika dumta ilàhhì aghninì, waj'alnì fì bahril mahabati fàni, bilquthbi 'abdillàhi dàwi 'illatì, wa biyahyà uhyil qolba bil'irfàni, bimuhammadiw wa abìhhi dàwuda iksinì, tawàbal bahà walwuddi fil ajmàni, bi abìhhi 'abdillàhi ashlih sya-nanà, waliwàlidìnà fahfazh minan nuqshòni, walthuf binà fì kulli mà qoddartahhu, biljùni mùsà jud bikhoiri jinàni, walmahdli 'abdillàhi lil-ihsàni mahdlòriqinì tsummàksitì bima'ànì, bil-anwàril hasanil mutsannà nawwiròn, 'aqlì walà tatruknì lil-akwàni, wa abìhhi awwala quthbim bàhhiri, sibthinnabiyyil mushthofàl 'adnàni, hasanij-jakiyyibnil imàmil murtadlò, hàmìl wagho ghoitsin nadàl hattàni, yassirlanà kulal umùri wa'àfinà, ming kulli hhammin awbalà aw'àni.

Manqobah Ka 2 Nyarioskeun Dipedalkeunana Sayyid Abdul Qodir

Ari dipedalkeunana di nagara Jailan, nyaeta 1 nagara bawahan Thobristan, dina wengian kaping 1 sasih Romdon taun 471 Hijrah. Ari pupusna di nagara Baghdad kaping 10 Silihmulud taun 561, jadi yuswana mung 91 taun. Dina wengian dipedalkeunana aya 5 karomah. Karomah nu ka 1: Ramana Sayyid Abdul Qodir nyaeta Abì Shòlih Mùsà Janakì ngimpen kasumpingan Kangjeng Nabi diiring ku sahabatna sareng ku imam-imam mujtahidin sareng kupara aulia. Teras Kangjeng Nabi nimbalan ka ramana Sayyid Abdul Qodir, dawuhanana: "Heh Abù Shòlih, maneh ku Gusti Allah dipaparin anak lalaki, eta teh anak kaula jeung kakasih kaula jeung kakasihna Gusti Allah, jeung bakal meunang pangkat anu luhur dina pangkat kawalian seperti kaluhuran kaula dina pangkat kanabian. Karomah nu ka 2: Nabi-Nabi oge saba'dana Kangjeng Nabi pada ngabubungah ka ramana Sayyid Abdul Qodir, yen bakal kagungan putra anu bakal jadi Sulthònul Auliyà, sareng sadayana wali-wali salian ti imam anu ma'shum eta di bawah putrana, sareng dampal sampeanana bakal didampalkeun kana pundakna wali-wali, sareng sadayana wali-wali anu tunduk ka anjeuna bakal naek pangkatna, anu henteu tunduk ka anjeuna bakal dilepas ku Gusti Allah tina kawalianana. Karomah nu ka 3: Henteu aya nu dipedalkeun dina wengian dipedalkeun Sayyid Abdul Qodir di nagara Jailan, anging sadayana pameget, ari seueurna 1100, sadayana jadi wali, sapaos jadi pangiringna. Karomah nu ka 4: Sayyid Abdul Qodir tibarang dipedalkeun henteu kersaeun nginang siang dina sasih romdon, ana nginang sok dina waktos boboran. Karomah nu ka 5: Dina walikatna Sayyid Abdul Qodir katingali tapak dampal sampean Kangjeng Nabi SAW, nyaeta tilas munggu anjeuna bade tunggang kana buroq dina wengian mi'roj, sareng waktos medalna disarengan kucahaya anu pohara, sahingga jalma-jalma henteu aya anu kuat ningali, ari yuswa ibuna waktos harita yuswana 60 taun, eta oge hiji perkawis anu luar biasa.

MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN NGAOSNA SAYYID ABDUL QODIR

Saparantos anjeuna ageung, lajeng ngajugjug ka guru-guru anu laluhur, ka alim-alim anu utami. Didinya anjeuna ngalap pirang-pirang elmu sareng sifat-sifat kautamian. Sadayana guru anjeuna pada nyarioskeun kana calakanana. Ari ngaosna elmu fiqih ti Abil Wafa Ali Bin Aqil sareng ti Abil Khothob Al-Kaludi sareng ti Abil Husain Muhammad Ibnil Qodli. Ari ngaosna elmu adab ti Abi Zakariyya At-Tabrizi. Ari ngaos elmu thorekat ti Syekh Abil Khoir Hamad Bin Muslim Bin Dzirwati Ad-Dibas. Ari anggoan ku anggoan shufiyahna ku Qodli Abi Sa'id Al-Mubarok. Anjeuna henteu liren-liren nerekel hanjat kana pangkat kasampurnaan anu luhur kalawan pitulungna anu Maha Agung, sahingga anjeuna calik dina luhur-luhurna kapangkatan. Anjeuna singkil kalayan pamaksudan anu tetep sarta kiat, yen bade nyepeng sareng ngangkek kadali nafsu anjeuna, bade dipengkolkeun tina karesepna, sahingga anjeuna kenging 25 taun calik dina tegalan Iroq henteu patepang sareng jalma.

MANQOBAH KA 4 NYARIOSKEUN BUDI PEKERTINA SAYYID ABDUL QODIR

Ari akhlakna Sayyid Abdul Qodir, tegesna talajakna eta banget sieun ku Allah, sahingga gampil pisan kaluar cisocana, sareng diijabah du'ana, pohara barahanana, tebih tina kaawonan, kalintang caketna kana kasaean, barani sareng kukuh dina haq, bengis dina perkara mungkarot, tara bendu karna hawa nafsuna, tara nulungan anu lain karna Allah, tara nolak kanu jajaluk, sanajan anu nyuhunkeun anggoanana. Anjeuna kawaris akhlakna akhlak Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Kasepna kawaris kakasepan Kangjeng Nabi Yusuf as. Benerna bener Sayyidina Abu Bakar Shiddiq ra. Adilna adil Sayyidina Umar ra. Hilimna, tegesna kashobaranana shobar Sayyidina Utsman ra. Kagagahanana sareng kabaranianana Sayyidina Ali kw.

MANQOBAH KA 5 NYARIOSKEUN ANGGOAN SARENG KATUANGAN WAKTOS NYANTRI

Ari panganggona nyaeta jubah nu didamel tina bulu domba anu kasar. Dina mastakana dibeulitan ku saceuwir lawon. Ari angkat-angkatan, sanaos nyorang cucuk oge tara nganggo tarumpah atanapi sapatu. Ari katuanganana cekap ku bubuahan bae sareng dangdaunan sisi wahangan. Ari wengi seseringna tara kulem. Hiji waktos anjeuna parantos sababaraha dinten henteu tuang leueut, jol aya hiji jalma ngadeuheusan. Piunjukna eta jalma: "Ieu jisim abdi seja babakti, nyanggakeun artos. Ari artosna diwadahan dina kanjut kundang. Hatur lumayan keur ngagaleuh katuangan". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Nuhun", sareng eta artos ditampi. Teras Sayyid Abdul Qodir ngagaleuh roti keur katuangan. Barang anjeuna parantos calik bade tuang roti, guprak aya serat anu ragrag ti awang-awang. Ari unina eta serat kieu: "innamà ju'ilatisy syahhwàtu lidlo'afä-i 'ibàdì liyasta'ìnù bihhà 'alàth thò'àti, wa ammàl aqwiyà-u famà lahhum walisy syahhwàti". Hartosna: "Pikeun abdi aing anu lembek, memang dipaparin syahwat kana barang dahar, supaya bisa nulung kana tho'at. Ari pikeun jalma anu gagah mah naon perluna nurutkeun syahwat?". Tidinya roti teh dilesotkeun deui, henteu teras dituang. Teras anjeuna angkat deui kategalan, margi anjeuna uninga yen eta teh samata-mata pepeling tinu Agung kana salirana.

MANQOBAH KA 6 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR DISARENGAN KU NABIYULLOH KHIDIR DI IRAK

Waktos Sayyid Abdul Qodir calik di tegalan Irak, anjeuna disumpingan ku Kangjeng Nabi Khidir as. Sareng teras Kangjeng Nabi Khidir nyarengan calik di Irak sawatara lami. Saur Nabiyulloh Khidir: "Upami salira palay disarengan, ulah nyulayaan, margi ari nyulayaan teh eta sok matak papisah". Saparantos kitu, teras Kanjeng Nabi Khidir mulih, mung jangji ka Sayyid Abdul Qodir bade ngalongokan sataun sakali. Ari Sayyid Abdul Qodir calik dina tempat panuduhan Kangjeng Nabi Khidir. Sataun sakali sok dilongokan, kenging 3 taun.

MANQOBAH KA 7 NYARIOSKEUN IBADAHNA SAYYID ABDUL QODIR

Dawuhan Syekh Abù 'Abdillah Muhammad Al-Hirowi: "Jisim kuring ngarencangan Sayyid Abdul Qodir kenging 40 taun. Dina lebet sakitu, anjeuna sok netepan shubuh ku wudlu isya. Upami anjeuna parantos netepan isya, teras lebet kapangkeng, teras nyepen dipangkeng dugi ka shubuh. Malah sok sering pisan bangsa raja-raja anu bade nepangan ka anjeuna, upami wengi mah tara tiasa nepangan, kapaksa sok ngantos dugi ka shubuh". Dawuhan Syekh Muhammad Al-Hirowi: "Hiji wengi jisim kuring nyarengan ka Sayyid Abdul Qodir henteu mondok sakerejep-kerejep acan. Ari damelna sonten keneh netepan sunnat. Ari kawenginakeun teras dzikir. Ari parantos ngalangkung sepertiluna wengi teras ngaos: "almuhìthur robbusy syahhìdul hasìbul fa'àlul khollàqul khòliqul bàri-ul mushowwir". Tidinya salirana beuki alit-beuki alit, dongkap ka alit pisan. Henteu lami, salirana ngageungan deui, sepertos tadi. Ari parantos ageung, teras ngajungjung, beuki luhur-beuki luhur, dugi ka les henteu katingali. Ari parantos lami, jol deui sumping, teras ngadeg deui netepan, sareng kalintang lamina dina sujud. Kitu bae damelna, dugi ka duapertiluna wengi. Ari parantos ngalangkung duapertiluna wengi, teras ngadep ka kiblat, ngaos pirang-pirang du'a. Tidinya jol cahaya, nyorot ka anjeuna, dugi ka anjeuna henteu katingali salirana, kabulen ku eta cahaya, sareng kakuping henteu liren-liren anu uluk salam ka anjeuna dugi ka bijil fajar".

MANQOBAH KA 8 NYARIOSKEUN NU DIDAMEL DADASAR PADAMELAN SAYYID ABDUL QODIR 

Sayyid Abdul Qodir ditaros: "Naon anu ku tuan didamel dadasar dina padamelan?". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "'Alash shidqi wa mà kadzibtu qoth". Hartosna: "Ari tangtungan kaula jeung dadasar kalakuan kaula, nyaeta bener pantrang bohong". Dicarioskeun waktos anjeuna murangkalih, dina ping 9 Rayagung, anjeuna ngagiringkeun onta, bade diangon di tegalan. Barang eta onta keur digiringkeun, eta onta ngomong, pokna: "Heh Abdul Qodir, anjeun mah didamel teh sanes pikeun ngangon onta!". Anjeuna kaget aya onta ngomong kitu. Teras eta onta dilesotkeun. Ari anjeuna teras angkat ka loteng, ka ibuna, teras unjukan. Saurna: "Ibu, tadi onta anu bade diangon ku abdi teh nyaram ngangon ka abdi, sanggemna: maneh mah Abdul Qodir, didamel ku Gusti Allah teh lain calon kana ngangon onta. Kumargi eta, manawi ibu rempag mah, abdi bade masantren ka Baghdad". Ibuna ngadangu unjukan putrana, kalintang bingahna. Saurna: "Atuh nuhun ari ujang hayang masantren mah, ibu kacida ridona. Tah ieu keur bekelna 40 dinar. Engke, di mana-mana aya ontan-ontan anu rek ka Baghdad, ujang milu, nurut ludeung. Tapi ibu wasiat, kudu bener dina sagala ucap-ucapan jeung kalakuan". Saur Sayyid Abdul Qodir: "Nyuhunkeun hibar ibu bae". Henteu kantos lami ti waktos harita, Sayyid Abdul Qodir teras ngiring sareng ontan-ontan anu ka Baghdad. Henteu kacarioskeun lamina, Sayyid Abdul Qodir parantos ngaliwat nagara Hamdan. Barang dongkap kadinya, burubul aya 60 rampog tarumpak kuda, sarta sadia parabot-parabotna, teras sadayana sodagar dirampog. Barang meneran ka Sayyid Abdul Qodir, ceuk hiji rampog: "Silaing boga naon?". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Boga 40 dinar, dikaput dina handapeun kelek kaula!". Ceuk rampog: "Kitu patut boga 40 dinar, jor bae kaditu mantog!". Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir liwat. Gok deui jeung rampog sejena, teras nanya deui cara tadi, ku Sayyid Abdul Qodir diterangkeun cara kanu tadi. Eta rampog henteu percayaeun deui bae. Tidinya kabejakeun ka kapalana rampog, yen aya nu ngaku boga 40 dinar, tapi henteu dipercaya ku sarerea oge. Ceuk kapalana: "Coba barawa kadieu, silaing mah kawas anu burung, lain dibuktikeun, boa teuing enya bogaeun 40 dinar". Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir dibarawa ku rampog teh ka kapalana. Barang sumping ka kapalana rampog, teras ditaros cacandakanana. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Boga 40 dinar ceuk kaula oge, tah ieu dikaput handapeun kelek. Lamun anjeun henteu percaya, urang buktikeun!". Teras kawayna dibuka. Artosna dibilang anu 40 dinar teh hareupeunana. Sajongjonan mah kapala rampog teh ngahuleng bae. Tidinya teras naros ka Sayyid Abdul Qodir: "Naon pangarahan anjeun nu matak ngaku sabenerna? Kapan deungeun-deungeun mah, sumawona loba-loba kitu, boga sadinar oge tara ngabejakeun ari acan ditakol mah?". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Kaula mah henteu boga pangarahan naon-naon, ngan indung kaula miwarang kudu bener. Kaula moal nyulayaan kana wasiat indung". Tidinya segruk eta kapala rampog teh ceurik, bari ngomong kieu: "Eumh, salira mah, dina tempat nu sakieu weritna henteu wani ngarempak larangan indung. Naha ari kaula, geus sababaraha taun gawe teh ngan wungkul ngarempak larangan Pangeran bae. Mana teuing Pangeran benduna ka kaula. Tah, ayeuna saksian ku salira, yen kaula tobat ka Gusti Allah ditangan sampean". Tidinya rampog anu 60 teh pada tobat. Barang-barangna anu kenging ngarampog, teras dipulangkeun kanu gaduhna. Ari saparantos kitu, teras anjeuna angkat ka Baghdad. Harita yuswana 18 taun.

MANQOBAH KA 9 NYARIOSKEUN NEMBEAN SAYYID ABDUL QODIR MITUTUR KA JALMA-JALMA DINA LUHUR KORSI

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir, dina memeh dzuhur poe salasa tanggal 6 bulan Syawal taun 521: "Kaula ningali Rosululloh SAW, teras nimbalan ka kaula. Dawuhanana: "He anak Kaula, naha maneh henteu geura muruk mitutur ka jalma-jalma?". Teras kaula unjukan: "Kumaha rek tiasa muruk mitutur, kapan abdi urang Ajam, ari ulama-ulama Baghdad anu sakitu parasehatna". Dawuhan Rosululloh: "Coba bukakeun sungut maneh!". Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan 7 kali. Saurna: "Jig, maneh geura muruk mitutur. Geura ngajak kana jalan Pangeran kalawan hikmah jeung pitutur anu aralus". Saparantos kitu, tuluy kaula sholat dzuhur. Henteu kungsi lila, burudul jalma-jalma daratang kacida seueurna. Kaula ngadegdeg, jeung hate kaula ngageter, henteu bisa pok nyarita. Tidinya jol sumping Sayidina Ali ngadeg hareupeun kaula. Dawuhanana: "Naha lain geura pok muruk mitutur teh?". Unjukan kaula: "Ieu da hate abdi ngageter wae, gado noroktok." Dawuhan Sayidina Ali: "Coba calangap!". Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan genep kali. Ceuk kaula: "Kumaha margina henteu tujuh kali?". Dawuhan Sayidina Ali: "Karana adab ka Rosululloh". Tidinya les deui Sayyidina Alì henteu aya. Ari saparantos kitu mah, tuluy hate kaula caang, henteu aya naon-naon. Tuluy kaula muruk mitutur. 

MANQOBAH KA 10 NYARIOSKEUN KUMPULNA 100 ULAMA BAGHDAD DI MAJLIS SAYYID ABDUL QODIR SARTA MASING-MASING PADA BOGA MASALAH

Dicarioskeun ku Syekh Abu Muhammad Al-Mufarroj: "Waktu kaula milu hadir dina majlis Sayyid Abdul Qodir, sarumping 100 ulama Baghdad. Sadayana pada kagungan masalah, sarta eta masalahna henteu sami. Barang eta ulama-ulama parantos caralik dipayuneunana, teras anjeuna tungkul, tuluy bijil cahaya tina leresan manahna. Eta cahaya teras ngaliwat kana dadana 100 ulama tea. Saparantos ulama-ulama kaliwatan ku cahaya, teras ulama-ulama eta sadayana pada bingung, ngadaregdeg, sing jarerit, teras maruka sirahna. Anggoanana disosoek, teras haranjat kana korsina Sayyid Abdul Qodir. Teras sampean Sayyid Abdul Qodir diteundeun kana sirah ulama-ulama ku aranjeuna. Sareng majlis harita kalintang cekcokna, ngaguruh henteu aya daratanana. Ari saparantos kitu, teras eta ulama-ulama anu 100 teh ku Sayyid Abdul Qodir ditangkeupan saurang-saurang. Ari parantos sadayana ditangkeupan, teras masalah saurang-saurangna dicarioskeun ku Sayyid Abdul Qodir sareng jawabanana. Sadayana ulama pada kaget ku kapinteran Sayyid Abdul Qodir dina ngajawab masalah sareng karomatna.
أحدث أقدم