MANQOBAH KA 41 - 53 (Basa Sunda)



MANQOBAH KA 41 NYARIOSKEUN HIJI JALMI NGENYOT RAMONA TERAS HENTEU PALAY BARANG TUANG

Dawuhan Syekh Al-Arif Abu Muhammad Syawir As-Sibti: "Kaula hiji waktu ngajugjug ka Baghdad, ziarah ka Sayyid Abdul Qodir, sarta terus kaula ngarencangan kenging sawatara zaman. Barang kaula rek balik ka Mesir, teras unjukan ka guru kaula, Sayyid Abdul Qodir. Saurna: "Jig, didu'akeun ku kaula, moal manggih naon-naon", sareng anjeuna maparinkeun ramona miwarang dikenyot, sareng anjeuna wasiat: "Di jalan ulah rek jajaluk". Teras kaula indit ti Baghdad, teu mekel naon-naon. Ti sabarang kaula indit ti Baghdad, tepi kadatang ka Mesir, kaula henteu ngarasa hayang barang dahar atawa ngarasa dahaga, tapi kakuatan kaula, kajagjagan kaula henteu kurang naon-naon". 

MANQOBAH KA 42 NYARIOSKEUN SYEKH SHON'ANI KUMARGI HENTEU TUMUT KANA DAWUHAN SAYYID ABDUL QODIR DUGI KA MUPUNGGU ANAK BAGONG

Waktos Sayyid Abdul Qodir nampi dawuhan yen dampal sampeanana nincak kana pundukna wali-wali, teras eta dawuhan diembarkeun kasadayana, sareng teras sadayana wali-wali anu hadir anu goib pada nendeun dampal sampean Sayyid Abdul Qodir kana pundukna karana ngahurmat sareng ngagungkeun, mung aya sahiji wali jenengan Syekh Shon'ani,saurna: "Kaula oge mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, tapi ari ditincak punduk mah henteu kudu". Eta cariosan Syekh Shon'ani kitu teh kauninga ku Sayyid Abdul Qodir. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Dampal suku kaula bakal nincak kana pundukna tukang ngangon bagong". Henteu sabaraha lamina ti waktos harita, Syekh Shon'ani angkat ziarah ka Mekkah, diiring ku 400 santri-santrina. Kalawan kapastian tinu Maha Agung, barang Syekh Shon'ani ngalangkung ka nagara kafir, di hiji warung anjeuna ningali hiji istri bangsa nashroni tukang ngajual arak. Eta istri pilih tanding kageulisanana, jarang pameget anu henteu kagendam ku eta istri. Syekh Shon'ani oge geus henteu isin ku santri-santrina anu ngiring ka anjeuna, teras babantu ka eta istri, sareng kalintang suhudna, sagala pagawean dicabak tara kungsi dipetakeun, sareng pohara senangna sareng gumbirana. Barang hiji dinten eta istri miwarang ngangon bagong ka Syekh Shon'ani. Anakna anu leutik keneh kudu dipanggul, bisi katincak ku indungna. Syekh Shon'ani dipiwarang ngangon bagong teh henteu ngarasa hina, atoh bae dipiwarang kunu geulis. Teras saban-saban dinten ngagiring-giring bagong, ana mulih manggul anak bagong anu leutik keneh. Barang santri-santrina ningali kaayaan kitu teh teras naringgalkeun. Anu ngiring sareng Syekh Shon'ani kantun duaan, nyaeta Syekh Fariduddin sareng Syekh Mahmud Maghribi. Saur eta dua murid: "Beu,ieu urusan moal bisa beres deui lamun henteu diomean ti huluwotannana. Ieu teh moal salah deui panyapaan Sayyid Abdul Qodir". Saur Syekh Fariduddin: "Ayeuna jisim kuring rek ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, ari anjeun tungguan di dieu Syekh Shon'ani". Teras Syekh Fariduddin angkat ka Baghdad. Barang sumping ka Baghdad, teras milari padamelan di Sayyid Abdul Qodir, nanging henteu aya lowongan. Tidinya teras anjeuna ngabantu padamelan anu kacida hinana, nyaeta miceunan kokotor ti kakus. Barang hiji dinten katingali sareng kauninga ku Sayyid Abdul Qodir, Syekh Fariduddin keur waktos hujan nyuhun hiji tong anu pinuh ku kokotor, atuh nyurucud kana salirana. Tidinya teras disauran ku Sayyid Abdul Qodir sareng ditaros jenenganana. Saur Syekh Fariduddin: "Jisim abdi teh Fariduddin, rencangna Syekh Shon'ani". Saur Sayyid Abdul Qodir: "Maneh hayang naon, pek geura menta?". Saur Syekh Fariduddin: "Tuan langkung uninga kana pakarepan jisim abdi". Saur Sayyid Abdul Qodir: "Heug, maneh dipaparin maqom anu luhur jeung dihampura guru maneh". Saur Syekh Fariduddin: "Henteu aya maqom anu luhur tibatan dihampura dosa guru abdi". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Enya, geus dihampura dosa guru maneh karna arah-arah maneh !". Dina menit harita Sayyid Abdul Qodir ngahampura, menit eta keneh Syekh Shon'ani ngorejat, eling tina lalina, teras istighfar, sareng dina manahna banget cumantel sareng mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, teras anjeuna angkat ka Baghdad, tobat ka Sayyid Abdul Qodir. Ari eta istri nashroni teras ngiring ka Syekh Shon'ani lebet agama islam. ***

MANQOBAH KA 43 LAUK WAHANGAN DAJLAH NGADAREUHEUSAN NYARIUMAN KANA DAMPAL SAMPEANANA

Ngandika Syekh Sahal Bin Abdillah At-Tastari r.a. dina mukasyafahna: "Hiji poe urang nagara Baghdad kaleungitan Sayyid Abdul Qodir, teras ditareangan. Kapendak keur calik diluhureun cai wahangan Dajlah, keur digimbung ku lauk mani pagulung-gulung, paboro-boro nyariuman panangan sareng sampeanana. Saur Syekh Sahal: "Kaula henteu bosen-bosen ningali pagulung-gulungna lauk anu rupa-rupa tingkahna reujeung beda-beda kaayaanana, jeung warnana, nepika manjing waktu zhuhur. Tidinya kaula ningali sajadah hejo disulam ku benang emas jeung perak ditulisan dua jajar. Ka 1: "alå inna auliyå allòhhi là khoufun 'alaihim wa là hhum yahzanuun". Ka 2: "salàmun 'alaikum ahhlal baiti innahù hamìdum majìdu". Eta sajadah ngampar di awang-awang luhureun wahangan Dajlah. Teras Sayyid Abdul Qodir calik dina eta sajadah. Henteu lami burubul pirang-pirang pameget karasep sareng matak isin matak ajrih ngiringkeun hiji pameget anu pinunjul tinu sanesna kasepna sareng hebatna. Sadayana pada ngadeug payuneun sajadah kalawan adab. Tidinya Sayyid Abdul Qodir netepan berjama'ah, ngimaman kasadayana. Nya kitu deui sadayana wali Baghdad ngiring netepan. Samangsa-mangsa Sayyid Abdul Qodir maca takbir ingtiqòl, malaikat anu ngagotong 'arasy oge takbir. Sayyid Abdul Qodir maca tasbeh, malaikat anu aya di langit oge ngiring maca tasbeh. Saparantos netepan, teras anjeuna ngadu'a supaos murid-murid anjeuna istri pameget, maotna dina jero tobat. Diaminan ku malaikat. Tidinya aya timbalan tinu Agung: "Heh Abdul Qodir, ayeuna du'a maneh geus diijabah". 

MANQOBAH KA 44 NYARIOSKEUN WALI MARDUD DIDAMEL WALI MAKBUL

Kacarioskeun di zaman Sayyid Abdul Qodir, aya hiji wali anu dikaluarkeun tina pangkat kawalianana, sareng jalma-jalma anu ageung anu alit pada terang yen eta wali teh wali anu ditolak ku Robbul 'Alamin. Tidinya teras eta wali muntang nyuhunkeun syafa'at ka 360 aulia, supaos anjeuna didamel wali deui. Teras aulia-ulia sadayana nyuhunkeun syafa'at ka Gusti Alloh supados eta wali anu mardud didamel makbul deui, nanging henteu aya hiji-hiji acan anu diijabah du'ana. Tidinya teras naringali ka Lauhil Mahfudz. Barang ditaringali, tetela jenengan eta wali teh parantos ditulis dihijikeun sareng golongan anu cilaka. Tidinya teras eta wali dipiwarang nawiskeun kahinaan, teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir. Barang jol sumping, saur Sayyid Abdul Qodir: "Heh Ki Anu, kadieu maneh sing deukeut. Maneh ku Gusti Alloh geus dimardud, dikaluarkeun tina kawalian, tapi kaula bisa ngajadikeun maneh sing jadi makbul, ditampi deui jadi waliyulloh kalawan idzin ti Gusti Allah". Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta wali mardud didamel wali makbul deui. Tidinya aya timbalan tinu Agung: "Heh Abdul Qodir, naha maneh henteu terang aya 360 aulia anu pada nyuhunkeun syafa'at pikeun eta wali mardud, tapi henteu aya hiji oge anu diijabah, sabab ngarana eta jalma geus dituliskeun dina Lauhil Mahfudz jalma cilaka". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Gusti, kapan Gusti kawasa. Naon pamenganana anu mardud didamel makbul, anu makbul didamel mardud. Naha atuh letah abdi ku Gusti sina nyanggupan ngajadikeun makbul upami ku Gusti moal didamel makbul mah?". Tidinya aya timbalan: "Heh Abdul Qodir, heug bae kumaha karep maneh. Anu dimakbul kumaneh, jadi makbul. Anu dimardud kumaneh, ku Aing oge dimardud. Jeung Aing masrahkeun kamaneh ngajenengkeun atawa ngaluarkeun tina kawalian". 

MANQOBAH KA 45 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN MURIDNA TINA SEUNEU DUNYA AKHERAT 

Ngadawuh Syekh Miyan 'Uzhmatulloh, imamna ulama bangsa 'arifin: "Di nagara kaula Burhaniun, kaula boga tatangga bangsa hindu. Kabeungharanana teu wudu. Ari ibadahna kana seuneu. Tapi eta hindu teh kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Geus teu euleum-euleum ngaku jadi muridna Sayyid Abdul Qodir teh. Saban-saban taun eta hindu teh osok ngadamel riungan tuang anu peryogi pisan ngondang bangsa ulama-ulama, menak-menak, somawonten bangsa fakir mah. Tempatna sok di pucuk nganggo kekembangan sareng minyak anu sareungit. Pangna ngadamel kitu, cenah mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir. Barang eta hindu maot, teras dipulasara ku bangsana numutkeun sacara agama hindu, teras diduruk. Barang diriksakeun, salirana katut ka rambut-rambutna oge henteu teurak salambar-lambar acan. Tidinya teras mufakat kaom-kaomna kudu dipalidkeun, teras dibobontot dipalidkeun. Tidinya aya hiji wali di eta nagara kasumpingan Sayyid Abdul Qodir. Dawuhanana: "Si Anu bangsa hindu, eta satengah tina murid kaula. Ku kaula dingaranan Sa'dulloh. Kusabab kitu, gancang hanjatkeun ti wahangan, tuluy pulasara sakumaha kawajiban Islam, karna Gusti Allah maparin jangji ka kaula moal ngaduruk murid kaula ku seuneu dunya jeung ku seuneu akherat". ***

MANQOBAH KA 46 NYARIOSKEUN IEU WUJUD WUJUD AKI KAULA LAIN WUJUD ABDUL QODIR 

Kacarioskeun putrana Sayyid Abdul Qodir anu jenengan Abdul Jabbar cacarios ka ramana. Saurna: "Mama, Kangjeng Rosululloh SAW upami kabeuratan, kahampangan, sok teras kokotorna diseuseup ku bumi. Sareng cikaringetna seungit minyak kasturi. Sareng laleur tara daekeun eunteup kana salirana. Tah ieu sadayana waktos ayeuna buktos di mama". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Satemen-temena Abdul Qodir geus fana, geus tetep dina dzat eyana SAW. Jadi ieu wujud teh wujud eyang, lain wujud Abdul Qodir qs". 

MANQOBAH KA 47 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR DICOBA DIGODA SETAN 

Hiji waktos anjeuna ditojo ku cahaya anu pohara, dugi ka ngagebray caang sakuriling bungking. Tina eta cahaya jol aya rupa anu kacida alusna sarta nyaur ka Sayyid Abdul Qodir: "Heh Abdul Qodir, ieu kaula Pangeran maneh. Ayeuna kaula kamaneh geus ngawenangkeun migawe sakabeh paharaman!". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "A'ùdzu billàhi minasy syaithònir rojìm, mantog siah syetan!". Reup cahaya jadi poek. Belegedeg rupa anu alus teh jadi haseup. Jerit syetana ngajerit bari ngomong: "Salamet maneh Abdul Qodir. Kaula geus nyilakakeun kutipu bangsa bieu 70 kaom anu keur ngambah ka Pangeran". Santri-santrina naros: "Kumaha katawisna eta anu nyarios teh syetan?". Saurna: "Kami nyaho yen eta syetan tina omonganana, ngawenangkeun migawe paharaman".

MANQOBAH KA 48 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NYABOK SETAN

Hiji waktos dongkap hiji syetan ka Sayyid Abdul Qodir, kacida goreng patutna. Pakeanana rudin bararau. Ceuk eta syetan: "Jisim abdi numawi dumeuheus seja ngakhodaman kasalira, muga kersa nampi". Henteu diwalonan naon-naon, gaplok bae dicabok ku Sayyid Abdul Qodir. Les syetan teh leungit, ilang tampa lebih. Na ari datang deui teh mawa seuneu ngagugudag rek ngaduruk ka Sayyid Abdul Qodir. Sayyid Abdul Qodir nyandak pedang. Kakara serepet pedang dicabut, syetan geus kabur. Teu kungsi lila, eta syetan jol deui datang, ceurik bari ampun moal deui-deui ngagoda, bari nembongkeun rupa-rupa parabot, rupa-rupa akal tarekah paranti ngagoda manusa. Saur Sayyid Abdul Qodir: "Nyingkir siah syetan, datang deui datang deui bae. Aing mah moal beunang kagoda!". Teras parabot-parabotna syetan ku anjeuna diruksak, dirampung-rampungkeun. Syetana kabur. 

MANQOBAH KA 49 NYARIOSKEUN RAJA HADIAH ARTOS JADI GETIH

Dicarioskeun, satemen-temena Yusuf Abil Muzhoffar, raja Baghdad ngintunkeun artos 10 karung digotong ku 10 jalma. Eta artos ku Sayyid Abdul Qodir henteu ditampi. Tidinya sumping raja ku anjeun. Saurna: "Kaula hadiah artos 10 karung ulah henteu ditampi". Tidinya Sayyid Abdul Qodir nyandak 2 karung, teras dipencet kupananganana. Ari burusut teh getih ngocor tina karung. Saur Sayyid Abdul Qodir: "Tuh tingali, karung teh eusina getih jalma, kenging anjeun meresan ti jalma-jalma, mangkaning kudu ditarima?". Raja kalintang isineunana ku Sayyid Abdul Qodir. Pameunteuna reup beureum ray pias. Saur Sayyid Abdul Qodir: "Demi kamulyaan Dzat Allah, lamun nasabna henteu teras ka Rosululloh SAW, tangtu ieu getih teh ngawahangan ngocor kabumina".

MANQOBAH KA 50 NYARIOSKEUN RAJA NYUHUNKEUN BUAH APEL DINA LAIN WAKTUNA 

Hiji waktos, raja sumping kabumina. Saurna: "Cing nyuhunkeun karomah nu sakinten jadi katentreman kana hate". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Palay naon atuh?". Saur raja: "Hoyong buah apel". Mangkaning harita teh sanes usumna. Tidinya teras panangan Sayyid Abdul Qodir diangkatkeun ka awang-awang. Ari dikahandapkeun deui, dina pananganana aya buah apel dua. Anu hiji dibeulah kuanjeuna, anu hiji deui disanggakeun ka raja. Ari nu dibeulah ku raja dijerona pinuh kubilatung. Saur raja: "Naha ieu mah pinuh kubilatung?". Saur Sayyid Abdul Qodir: "Margi eta mah parantos dicabak ku panangan anu zholim". Tidinya eta raja teras istighfar tobat dipayuneun Sayyid Abdul Qodir, sareng teras ngarencangan dugi kapupusna Sayyid Abdul Qodir. 

MANQOBAH KA 51 NYARIOSKEUN WASIAT SAYYID ABDUL QODIR

Anjeuna parantos wasiat ka putrana anu jenengan Abdur Rozàq kalawan pirang-pirang wasiat. Sapalihna nyaeta: "Heh anak mama,maneh kudu sieun ku Allah. Jeung kudu tho'at ka Allah. Jeung kudu nyekel kana syara'. Jeung kudu ngaraksa kana bates-batesna syara'. Jeung kudu alus hate. Jeung kudu barahan tangan. Jeung kudu daek tulung tinulung kana kahadean. Jeung ulah bedegong. Jeung kudu wayahna kana pilara. Jeung kudu ngaraksa kana kahormatan guru-guru. Jeung kudu ngahampura kana kasalahan batur. Jeung kudu nyaah ka fakir-miskin. Jeung kudu alus reureujeungan jeung batur-batur. Jeung kudu daek nganasehatan kanu gede kanu leutik. Jeung ulah papaduan anging dina perkara agama. Jeung kudu nyaho ari hakekatna faqir eta butuh kabangsa maneh, ari hakekatna sugih eta henteu butuh kabangsa maneh. Jeung kudu nyaho ari tashowwuf eta tingkahna jalma anu henteu loba omong. Jeung upama nenjo jalma faqir ulah dimimitian kalawan elmu sabab matak lingas, sabalikna kudu dimimitian ku kanyaah sabab matak lindeuk. Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena tashowwuf eta diadegkeunana kana 8 perkara:
1. Barahan.
2. Ridlo.
3. Shobar.
4. Isyarah.
5. Ngumbara.
6. Make pakean bangsa bulu.
7. Leuleuweungan.
8. Faqir.
Ari barahan eta dipaparinkeun ka Nabi Ibròhhìm as, ari ridlo ka Nabi Ishàq as, ari shobar ka Nabi Ayyùb as, ari isyarah ka Nabi Zakariyyà as, ari ngumbara ka Nabi Yùsuf as, ari make bangsa bulu ka Nabi Yahyà as, ari leuleuweungan ka Nabi 'Isà as, ari faqir ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Jeung kudu tembongkeun kumaneh kagagahan kabaranian maneh upama reureujeungan jeung anu beunghar. Jeung kudu rendah upama reureujeungan jeung faqir. Jeung maneh kudu ikhlas. Jeung kudu langgeng nenjo ka Allah. Jeung ulah salah sangka ka Allah tina sakabeh sabab. Jeung kudu pasrah ka Allah dina sakabeh hal sakabeh tingkah. Jeung ulah tatagenan ka hiji jalma lantaran baraya atawa sobat. Jeung kudu ngakhodaman fuqoro kalawan 3 perkara. 
Ka 1: Tawadlo.
Ka 2: Alus budi pekerti.
Ka 3: Bersih hate.
Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena anu pangdeukeut-deukeutna ka Allah eta nu pangalusna budi pekertina. Ari pangutamana amal nyaeta ngaraksa hate tina ngaleret kasalian Allah. Jeung lamun kumpul jeung fuqoro kudu wasiat kalawan shobar jeung haq. Jeung cukup kamaneh tina dunya 2 perkara.
Ka 1: Reureujeungan jeung faqir
Ka 2: Ngahormat wali,
Jeung ulah dipake sugih hiji perkara salian ti Allah. Jeung kudu nyaho upama gagah kasasama eta dlo'if, tegesna henteu kasebut gagah. Upama gagah kasaluhureun eta kumuluhung. Jeung kudu nyaho satemen-temena tashowwuf jeung faqir eta duanana perkara sabener-benerna, lain heureuy, kusabab kitu ulah dicampuran heureuy. Tah sakitu wasiat mama teh. Muga-muga Gusti Allah maparin taufiq kamaneh jeung kasakabeh murid-murid. Jeung anu ngadenge wasiat mama ieu sing barisa ngamalkeunana kalawan ka-Agungan Gustina sakabeh utusan. Amin".

MANQOBAH KA 52 NYARIOSKEUN SHOLAT HAJAT SARENG NYUHUNKEUN TULUNG KA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun tina kitab Bahjatul Asror, dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Saha-saha anu menta tulung ka kaula dina kasusahan, mangka dileungitkeun kasusahanana. Jeung saha-saha anu ngagero nyebut ngaran kaula dina kapayahan, tangtu dibungahkeun. Jeung saha-saha anu tawasul ka kaula dina ngahasilkeun pangabutuhna, tangtu dihasilkeun maksudna. Jeung saha-saha anu Sholat Sunnat Hajat 2 rakaat, dina unggal-unggal ba'da fatihah maca surat Al-Ikhlas 11x, ari geus salam tuluy ngalengkah ka jihat Iroq 11 lengkah jeung sebut ngaran kaula jeung hajatna dina unggal-unggal salengkah, mangka dihasilkeun maksudna". Ari pertingkahna sholat hajat: "ushollì sholàta qodlò-il hàjati taqorruban ilallòhi ta'àlà wang qithò'an 'an ghoirihhi ilà jihhatil ka'batisy syarìfati allàhu akbar". Tuluy maca fatihah, tuluy maca qulhu, maca sholawat sabelas-sabelas kali, tuluy ruku sujud biasa. Rakaat kadua cara bieu bae. Sanggeus salam tuluy sujud, maca ieu 11x: "yà syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robbànì, yà ghoutsash shomadànì, ya mahbùbas subhànì, yà muhyaddìn aà muhammad as sayyid 'abdul qòdiril jailànì aghitsnì wa amidnì fì qodlò-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjàti". Tuluy nangtung. Tuluy ngalengkah salengkah ka jihat Iroq (ari jihat Iroq teh ti urang mah, ti pulo jawa, tina qiblat sholat teh ngaler keneh, ampir nyela bumi, ampir antara kulon sareng kaler), tuluy maca: "yà syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robbànì, ya ghoutsash shomadànì, ya mahbùbas subhànì abà muhammadìn as sayyid 'abdul qòdir al-jailànì". Kitu bae bacaanana tepi ka 11 lengkah, tuluy dampal sukuna anu katuhu tumpangkeun kana suku kenca, tuluy maca sholawat 11, fatihah,qulhu, idzàja anashrulloh sabelas-sabelas kali, tuluy maca: "yà junùdallòhhi wa yà 'ibàdallòhhi aghìtsùnì wa amiddùnì fì qodlò-i hàjatì hhàdzihhì yà qodliyal hàjati, amìn, amìn, ya syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robànì yà ghoutsash shomadànì, yà mahbùbas subhànì, yà muhyaddìn abà muhammadin as sayyid 'abdul qòdir al jailànì". Sanggeus kitu tuluy diuk dina pangsholatan kalawan muroqobah, hadirkeun hate ka Allah sarta maca: "là ilàha illallòh" 108x, tuluy sujud deui bari maca: "yà rùhal qudùs, wa yà junùdallòhhi wa yà 'ibàdallòh, aghìtsùnì wa amiddùnì fì qodlö-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjat, amìn, amìn". Jeung memeh prak sholat, kudu ngukus heula anu seungit, jeung kudu sidkoh ka sabelas faqir, ku sidqoh naon bae.

MANQOBAH KA 53 NYARIOSKEUN PUPUSNA SAYYID ABDUL QODIR

Barang parantaos caket kana pupusna Sayyid Abdul Qodir, sumping Malaikat 'izroil dina waktu surup mata poe nyandak tulisan, addresna: "yashilu hhàdzal maktùbu minal muhibbi ilal mahbùbi". Hartosna: "Datangna ieu tulisan tinu mikaasih kanu diasih". Teras eta serat ku malaikat disanggakeun ka putrana, Abdul Wahàb. Barang putrana ningali eta serat, teras nangis. Tidinya teras lebet sareng anjeuna ka Sayyid Abdul Qodir. Ari pupusna dina malem senen ba'da isya, kaping 10 atanapi 11 Silihmulud taun 561 Hijriyyah. Barangna bade pupus, nimbalan ka putra-putrana: "Sing jarauh maraneh ti kaula, sabab kaula zhohirna jeung maraneh, bathina jeung lian maraneh, jeung legaan ieu tempat, sabab geus hadir lian maraneh, jeung kudu aradab maraneh". Sareng dina sadinten sawengi henteu liren-liren ngaos: "wa 'alaikumus salàm wa rohmatullòhhi wa barokàtuh, ghofarollòhu lìwalakum, tàballòhhu 'alayya wa 'alaikum, bismillàhi ghoiro mawdi'ìna". Sareng ngaos: "tùbù wad khulù fìsh-shoffil awwali idzan ajì-u ilaikum". Sareng ngaos: "rifqon rifqon wa 'alaikumus salàmu ajì-u ilaikum". Sareng ngaos: "qifù atàhul haqqu wa sakarotul mauti". Sareng dawuhanana: "Ulah aya nu nanyakeun ka kaula hiji perkara saba'da kaula bulak-balik dina elmuna Allah". Sareng ngaos: "ista'angtu bilà ilàhha illallòhu subhànahhu wa ta'àlà wal hayyil ladzì là yahsyàl ghoutsu subhàna mang ta'azzaza bilqudroti wa qohhharo 'ibàdahhù bilmauti là ilàhha illallòhhu muhammadur rosùlullòh ta'azzaza ta'azzaza Allòhu Allòhu Allòhu". Sowantena bedas, teras lalaunan pupus ridlwànullòh 'alaihh.

Ditutup dengan Do'a Manaqib:

DU'A MANQOBAH ilà hadlroti sulthònul auliyå-i wa qudwatil ashfiyà-i quthbir robànì wal ghoutsush shomadànì sayyidì assayyid 'abdul qòdir aljailànì -alfàtihah- allòhhumma sholli wa sallim 'alà sayyidinà wa habìbìna wa syafi'ìnà wa maulànà muhammadiw wa 'alà àlihhì wa ashhàbihhì ajma'ìna. -àmìn- allòhhumma bi asmà-ikal husnà wa bi-asmà-i nabiyyikal mushthofà wa bi-asma-i waliyyika 'abdul qòdiril mujtabà thohhhir qulùbanà ming kulli washfiy yubà'idunà 'ang musyàhhadatika wa mahabbatika wa amitnà 'alàs sunnati wal jamà'ati wa syarrih bihhà shudùronà wa yassir bihhà umùronà wa farij bihhà hhumùmanà waksyif bihhà ghumù manà waghfir bihhà dzunùbanà waqdli bihhà duyùnanà wa ashlih bihhà ahwàlanà wa balligh bihhà åmàlanà wa taqobal bihhà taubatanaa waghshil bihhà haubatanà wangshur bihhà hujjatanà waj 'alnà bihhà minal muttabi'ìna lisyarì'ati nabiyyikal muttashifìna bimahabbatihhìl muhtadìna bihhadyihhì wa sìrotihhì wa taffanà bihhà 'alà sunnatihhì wa là tahrimnà fadl-la syafà'atihhì wahsyurnà fì zumrotihhì wa atbà'ihhìl ghurril muhajjalìna wa asy-yà'ihhis sàbiqìna wa ash-hàbihhil yamìni yå arhamar ròhimìna.
أحدث أقدم