MANQOBAH KA 31 - 40 (Basa Sunda)



MANQOBAH KA 31 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NYIUM PANANGAN KANGJENG NABI WAKTOS ZIARAH

Hiji waktos anjeuna angkat ziarah ka eyangna ka Madinah. Barang sumping ka Hujroh Syarifah, Pakuleman Anu Mulya, anjeuna ngadeg di payuneunana kenging 40 dinten. Panangan duanana di kana dadakeun, bari munajat ku ieu 2 bet: "Dzunùbì kamaujil bahri bal hhiya aktsaru, kamitslil jibàlits tsummi bal hhiya akbaru. Walàkinnahà 'ingdal karìmi idzà 'afà, janàhum minal bu'ùdli bal hhiya ashghoru". Hartosna: "Ari dosa sim abdi ibarat budah laut, ibarat gunung luhur, malihan langkung ageung. Nanging upami Gusti nu loman ngahampura, ibarat jangjang rametuk, malih kirang". Teras anjeuna munajat deui ku ieu 2 bet: "Fì hàlatil bu'di rùhì kungtu ursiluhà, tuqobbilul ardlo 'annì wahya nà-ibanì. Wa hhàdzihhì naubatul asybàhi qod hadlorot, famdud yamìnaka kay tuhzhò bihhà syafatì". Hartosna: "Waktos tebih ti Gusti, ruh sim amdi dijurung, ngadeuheusan ka dampal Gusti wawakil abdi. Dupi ayeuna abdi pribadi dumeuheus, mugi panangan Gusti kaluarkeun ka abdi". Barang parantos kitu, jol panangan anu mulya kaluar tina Hujroh Syarifah. Teras ku Sayyid Abdul Qodir dicepeng, sareng diambung, sareng disimpen dina luhur mastakana. ***


MANQOBAH KA 32 NYARIOSKEUN BOBORANANA DI 70 BUMI MURIDNA DINA HIJI WAKTOS 

Dicarioskeun, dina hiji waktos sasih siyam, Sayyid Abdul Qodir diundang boboran ku 70 murid. Masing-masing palay disumpingan kabumina, sareng itu-ieu henteu tarerangeun pada ngundang ka Sayyid Abdul Qodir. Barang dongkap kana waktos boboran, eta nu 70 bumi, kasumpingan, kasubadanan ku Sayyid Abdul Qodir, sareng anjeuna aya boboran di bumina. Hal kajadian ieu kalintang pisan masyhurna di Baghdad. ***


MANQOBAH KA 33 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN HIJI ISTRI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR TINA KHIANATNA HIJI LALAKI PASEK

Di Baghdad aya hiji istri kalintang geulisna. Eta istri memeh lebet kana golongan muridna Sayyid Abdul Qodir, dipikahayang ku hiji lalaki pasek, sareng kahayangna ku eta istri henteu dilayanan, tapi eta lalaki teh henteu eureun neangan jalan supaya laksana maksudna. Barang dina hiji dinten, eta istri aya kaperyogian angkat ka hiji guha nyalira. Henteu gaduh sangka eta lalaki nuturkeun pungkureunana. Barang parantos dongkap kana guha, terus eta lalaki rek khianat, rek ngarumpak kahormatan istri tea. Tidinya eta istri ngagero ka Sayyid Abdul Qodir. Waktos harita Sayyid Abdul Qodir nuju abdas di madrosahna, teras gamparan anjeuna duanana dibaledogkeun ka jihat guha. Barang si lalaki pasek bade maksa ka eta istri, gedag-gedag gamparan anu dua teh narenggeulan ka lalaki tea tepi kapaeh harita keneh. Saparantos kitu, eta dua gamparan dicandak ku eta istri, disanggakeun ka Sayyid Abdul Qodir, sareng nyarioskeun lalakon di payuneun jalma seueur. ***

MANQOBAH KA 34 NYARIOSKEUN NULUNGAN HIJI WALI ANU DILEPAS TINA KAWALIANANA 

Dicarioskeun di zaman Sayyid Abdul Qodir aya hiji wali anu dilepas tina kawaliyanana. Teras eta wali nyuhunkeun pertulungan wali-wali anu sanes supaos tiasa diangkat deui kana pangkat wali. Saur wali: "Kaula geus nyuhunkeun ka Gusti Allah supaya salira diangkat deui jadi wali, tapi paneda kaula henteu aya anu ditarima. Ayeuna henteu aya deui pamuntangan sadayana oge ngan Sayyid Abdul Qodir". Teras eta wali angkat ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, sareng nyuhunkeun syafa'at. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun syafa'at ka Gusti Allah pikeun eta wali. Tidinya teras sumping dawuhan tinu Ghoib. Dawuhanana: "Geus loba pisan wali-wali anu nyuhunkeun syafa'at pikeun eta wali, tapi henteu aya saurang-urang acan anu diijabah. Ayeuna maneh oge entong menta syafa'at pikeun eta wali anu dilepas teh". Barang Sayyid Abdul Qodir ngadangu eta dawuhan, teras anjeuna nyandak sajadahna bade angkat ka tegalan. Barang jut turun nembe salengkah, aya anu nyaur tinu ghoib.  


MANQOBAH KA 35 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI JADI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR KALAWAN PITUDUH GURUNA

Saurna: "Heh Ghoutsul A'zhom, heh Abdul Qodir, eta jalma teh jeung 1000 nu bangsa kitu geus dihampura ku Aing". Barang ngalengkah deui kaduana, aya deui anu nyaur. Saurna: "Eta jalma jeung 2000 bangsa kitu geus dihampura ku aing". Barang Sayyid Abdul Qodir ngalengkah katiluna, aya deui anu nyaur. Saurna: "Heh Abdul Qodi, eta jalma jeung 3000 bangsana, ku aing geus dihampura karna arah-arah maneh". Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nganuhunkeun ka Gusti kana nugrahana, sareng eta wali nu dilepas tea, kenging deui pangkat kawalianana. 

Kacarioskeun hiji waktos Syekh Ahmad Kanji nuju abdas, aya kereteg dina manahna yen thorekatna Sayyid Abdul Qodir leuwih dipikaresep tibatan thorekat-thorekat sejena. Kereteg Syekh Ahmad Kanji kitu teh kauninga ku guruna, Syekh Abi Ishaq Maghribi. Saur guruna: "Nyaho maneh martabatna Sayyid Abdul Qodir?". Saur Ahmad Kanji: "Henteu !". Saur guruna: "Sayyid Abdul Qodir teh kagungan 12 sifat. Lamun lautan dijieun mangsina, tatangkalan dijieun kalamna, manusa jeung jin jeung malaikat anu nuliskeunana, tangtu moal katuliskeun sahiji sifat oge". Barang Syekh Ahmad Kanji ngadangu cariosan guruna kitu teh, anjeuna banget mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir, sareng banget ngarep-ngarepna palay ulah waka pupus upama teu acan lebet kana thorekatna. Tidinya teras anjeuna angkat ka Baghdad. Barang nembe dongkap ka hiji gunung di jajahan Ajmir, anjeuna mendak hiji wahangan, teras abdas. Saparantos abdas teras netepan. Saparantos netepan anjeuna teras kulem. Dina kulem anjeuna kasumpingan Sayyid Abdul Qodir nyandak makuta beureum sareng sorban hejo, teras Syekh Ahmad ngadeg ngahurmat ka Sayyid Abdul Qodir. "Kadieu sing deukeut", saur Sayyid Abdul Qodir. Teras Syekh Ahmad Kanji nyaketan, teras makuta beureum sareng sorban hejo teh dianggokeun ka anjeuna. Saur Sayyid Abdul Qodir: "Heh Ahmad Kanji, ayeuna maneh geus jadi anak murid kaula, jeung maneh geus jadi tina satengahna Rizalulloh". Les deui Sayyid Abdul Qodir teh henteu aya. Barang Syekh Ahmad Kanji gugah, makuta sareng sorban aya dina mastakana, teras Syekh Ahmad Kanji syukur ka Gusti Allah, sareng teras mulih deui ka guruna, nyarioskeun lalakona sareng ningalikeun makutana. Saur guruna: "Heh Ahmad Kanji, ieu makuta jeung sorban kaberkahan pikeun maneh. Pohara maneh dipikaasihna ku Sayyid Abdul Qodir, jeung ayeuna maneh jadi pangunjulna wali". Teras Syekh Abi Ishaq Maghribi ngalap berkah, nganggo makuta sareng sorban tea. Tidinya dipasihkeun deui ka Syekh Ahmad. 


MANQOBAH KA 36 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI NGALA SULUH BARANG BADE DISUHUN SULUHNA NGAPUNG KALUHUREUN SIRAH SYEKH AHMAD

Syekh Ahmad Kanji teh khidmahna atanapi padamelanana ngala suluh kangge masak roti faqir-faqir.Barang saparantos nganggo makuta ti SAQ,saur guruna: "Ahmad Kanji,ayeuna mah maneh henteu layak,ngewa ngala suluh,sabab sirah maneh geus dimakutaan ku makuta mulya". Tidinya Syek Ahmad Kanji maksa nyuhunkeun widi ti guruna,saur guruna: "Nya ari keukeuh mah,jig bae". Tidinya teras Syekh Ahmad Kanji angkat ka gunung,teras ngempelkeun suluh,tidinya teras dibeungkeut.Barang bade disuhun,suluh teh jung ngapung kana luhureun sirah Syekh Ahmad,cicing di awang-awang kira-kira sahasta tina sirahna syekh Ahmad. Tidinya teras Syekh Ahmad mulih ka guruna.Beungkeutan suluh teh ngalayang bae di awang-awang nuturkeun Syekh Ahmad. Barang sumping ka guruna,nyaeta Syekh Abi Ishaq Maghribi tea,saur guruna: "Tah Syekh Ahmad,tadi ceuk kaula kumaha,sirah maneh henteu pantes dipake nyuhun suluh,sabab geus ditetepan makuta jeung sorban anu mulya,ti waktu ayeuna meugeus entong deui-deui ngala suluh,maneh ku SAQ geus ditepikeun kana pangkat Rijalulloh". ***

MANQOBAH 37 NYARIOSKEUN HIJI ISTRI KAGUNGAN PUTRA 7 KUPANGDU'ANA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun dina kitab Mungtakhob Jawahiril Qola-id: Aya hiji istri ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun du'a palay kagungan putra. Barang ditingali dina Lauhilmahfuzh, eta istri teh henteu aya tulisanana bakal kagungan putra. Teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun ka Gusti Allah supaya eta istri dipaparin putra 2. Tidinya aya timbalan: "Kapan kumaneh katingali dina Lauhil Mahfuzh,1 oge henteu aya tulisanana, ayeuna maneh menta 2". Saur Sayyid Abdul Qodir: "Muga dipaparin 3, Gusti". Tidinya aya deui timbalan: "Kapan 1 oge geus henteu aya, ayeuna maneh menta 3?". Saur Sayyid Abdul Qodir: "Nyuhunkeun 4, Gusti". Aya deui timbalan: "1 oge henteu aya tulisanana". Saur Sayyid Abdul Qodir: "Nyuhunkeun 5,Gusti". Kitu bae nyuhunkeun naek-naek dugi ka 7. Barang dugi ka 7, aya timbalan deui: "Cukup, heh Abdul Qodir, ulah leuwih ti 7. Ayeuna diqobulkeun pamenta maneh". Teras Sayyid Abdul Qodir nganuhunkeun kana eta paparin, sareng teras nyomot taneuh, teras dipaparinkeun ka eta istri, teras eta taneuh didamel gagantel kongkorong, dibungkus ku perak. Henteu sabaraha lamina ti waktos harita, eta istri kagungan putra 7. Sadayana pameget sareng mulus dugi ka arageung. Barang lami-lami eta istri teh robah kapercayaanana. Sanggeumna: "Ieu taneh make digantelkeun dina beuheung, asa henteu aya gunana. Ayeuna boga anak eunggeus?!". Kumargi eta istri ngomong sakitu, eta putrana anu 7 teh maraot sadayana. Saparantos kitu, teras eta istri ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, ceurik sareng tobat. Saur Sayyid Abdul Qodir: "Jig geura bali. Kumaha bae paniatan maneh tangtu kapanggih kumaneh". Teras eta istri mulih. Barang dongkap ka bumina, putrana anu parantos maraot teh, sadayana hirup deui. 

MANQOBAH 38 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN HIJI MURIDNA TINA SIKSA MUNGKAR WA NAKIR 

Aya hiji jalma kacida bodona kana agama, tapi kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Barang eta jalma maot, di kubur disual ku Mungkar wa Nakir. Saur malaikat: "Saha Pangeran maneh? Saha Nabi maneh? Naon agama maneh?". Jawabna: "Duka henteu terang, da katerang abdi mah guru abdi bae, Sayyid Abdul Qodir!". Kumargi eta jalma ngambat-ngambat ka Sayyid Abdul Qodir, malaikat Mungkar wa Nakir teh bingung, teras unjukan ka Gusti Allah. Saurna: "Gusti langkung uninga kana jawaban hiji abdi si anu. Kumargi eta sadaya-sadaya, kumaha kersa Gusti". Dawuhan Gusti Allah: "Siksa sakumaha mistina!". Barang eta jalma rek disiksa, sumping Sayyid Abdul Qodir sareng ngadawuh: "Heh Malaikat Mungkar wa Nakir, eta jalma ulah disiksa, kulantaran eta jalma kana agama euweuh pisan kanyahona. Kanyahona teh ngan ka kaula. Ayeuna kaula anu bakal mangjawabkeun. Kaula anu nyaho kana pertanyaan anjeun. Prak rek nanya masalah naon?". Malaikat Mungkar wa Nakir beuki bingung. Teras unjukan deui ka Gusti Allah. Saurna: "Gusti langkung uninga kana kaayaan abdi Gusti anu tea". Dawuhan Gusti Allah: "Siksa sakumaha perluna!". Tidinya malaikat teras nyandak gada. Barang eta jalma rek ditinggang kumalaikat, gadana direbut ku Sayyid Abdul Qodir, bari ngadawuh kieu: "Nyalingkir, sabab kamahabbahan dina batin kaula henteu aya keur nyaruakeun. Lamun ieu jalma keukeuh rek disiksa, tangtu surga jeung naraka diduruk ku kaula", hartosna di naraka moal ripuh, di surga moal senang. Tidinya sumping dawuhan: "Heh Mungkar wa Nakir, Aing geus ngahampura ka eta jalma karana arah-arah kakasih Aing, Abdul Qodir. Keun eta jalma entong disiksa!". 

MANQOBAH KA 39 NYARIOSKEUN UNGGAL DATANG TAUN ANYAR SOK ULUK SALAM KA ANJEUNA JEUNG SOK NYARITAKEUN NAON-NAON NU BAKAL KAJADIAN DINA TAUN ETA 

Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalayang di awang-awang di luhureun mangrebu-rebu jalma di majlis anjeuna, bari sasauran kieu: "Henteu bijil mata poe anging mere salam ka kaula. Jeung unggal datang taun anyar, kudu bae mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang anu bakal kajadian dina eta taun. Jeung datang bulan, mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang nu bakal kajadian dina eta bulan. Jeung datang minggu jeung poena, mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon-naon barang anu bakal kajadian dina eta minggu jeung poe. Demi kamulyaan Pangeran kaula, jalma-jalma anu bagja anu cilaka, kabeh diasongkeun ka kaula. Jeung jejelmaan panon kaula aya dina Lauhilmahfuzh, jeung kaula teuleum dina lautan elmuna Allah jeung lautan musyahadah, jeung kaula hujjahna Allah ka maraneh. Jeung kaula nu jadi gagantì Rosululloh SAW. Jeung kaula ahli warisna di bumi. Manusa aya guruna, jin aya guruna, malaikat aya guruna, ari kaula guruna kabeh". 

MANQOBAH KA 40 NYARIOSKEUN ANJEUNA DIPAPARIN BUKU PIKEUN NULISKEUN MURID-MURIDNA DUGI KA YAUMIL KIAMAH

Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir ngadawuhkeun kieu: "Kaula dipaparin buku, ari gedena satungtung paningali, nyaeta pikeun nuliskeun ngaran murid-murid kaula nepi ka poe kiamah, jeung eta murid dipasrahkeun ka kaula, geus jadi kaboga kaula. Lamun murid kaula henteu alus, kaula anu alus. Demi kamulyaan Pangeran kaula, leungeun kaula henteu lesot tina sirah murid kaula, sanajan kaula aya di masyrik, murid kaula aya di maghrib. Lamun murid kaula katembong oratna, tangtu ditutupan ku kaula. Demi kamulyaan Pangeran kaula, dina poe kiamah, kaula rek nangtung dina lawang jahanam, bisi aya murid kaula anu diasupkeun kana jahanam, karana Gusti Allah maparin ka kaula, yen murid kaula moal diasupkeun kana jahanam. Saha-saha nu ngaku Guru jeung mahabbah ka kaula, tangtu ditarima ku kaula, jeung tangtu kaula nyanghareup ka eta jalma. Malaikat Mungkar wa Nakir geus jangji ka kaula, di kubur moal mere pikareuwaseun ka murid kaula.
Lebih baru Lebih lama