MANQOBAH KA 21 - 30 (Basa Sunda)



MANQOBAH KA 21 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN DEUI ALAP-ALAP

Dicarioskeun hiji waktos anjeuna nuju ngawuruk di madrosahna, ari angin nuju ngagalebug. Kalayang aya alap-alap bari hantem disada kokoreakan, dugi ka anjeuna kapaksa liren, margi baribin ku sora alap-alap. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "He angin, cokot hulu alap-alap nu ngagandengan teh!". Tidinya bet eta alap-alap teh pegat beuheungna, huluna papisah jeung awakna. Guprak ragrag kapayuneun Sayyid Abdul Qodir. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir turun tina korsina, nyandak alap-alap tea. Teras eta alap-alap diusap kupananganana, bari ngaos: "bismillàhir rohmànir rohìm". Geleber eta alap-alap teh hiber. Sadayana santri-santri pada naringali. 

MANQOBAH KA 22 NYARIOSKEUN NGAMERDEKAKEUN ABID SARENG ANGGOANANA 

Dicarioskeun dina sapalihna kitab, Sayyid Abdul Qodir dina saban-saban lebaran sok ngagaleuh pirang-pirang abid. Kenging ngagaleuh teh teras dimerdekakeun, sareng sadayana sina wushul ka Allah. Ari anggoanana kalintang saraena. Ana nganggo sok anu pangaosna 10 jene saelona. Ari dasterna pangaos 70 rebu jene. Gamparanana ditaretes ku inten, jamrud sareng berlian. Pakuna perak. Nanging anggoanana anu sakitu seueurna teh, upami aya anu nyuhunkeun, sok dipasihkeun. 

MANQOBAH KA 23 NYARIOSKEUN TURUN KADAHARAN TI LANGIT

Dicarioskeun waktos Sayyid Abdul Qodir tapa 40 dinten, anjeuna moal ngadahar sareng moal ngaleueut kadaharan dunya, kajabi upami turun kadaharan ti langit, sareng kajabi cai dina waktos boboran. Barang 2 dinten deui ka 40 dinten, bray lalangit bumina molongo. Jol hiji pameget nyandak wadah kenca katuhu, sareng pinuh ku rupa-rupa buah anu araneh. Teras diteundeun, disanggakeun ka Sayyid Abdul Qodir. Dawuhanana Sayyid Abdul Qodir: "Ti mana ieu teh?". Saur anu nyandak: "Ti alam malakut, tuangeun salira". Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Jauhkeun ti kaula, sabab wadah emas-perak diharamkeun ku Rosululloh!". Teras wadah emas sareng perak duanana dicandak deui. Barang parantos boboran, sumping malaikat nyandak baki pinuh ku kadaharan. Saurna eta malaikat: "Heh Sayyid Abdul Qodir, ieu pangjamu ti Gusti Allah!". Teras eta baki ditampi, sareng teras dituang sareng rencang-rencangna. 


MANQOBAH KA 24 NYARIOSKEUN CALAGEURNA JALMA2 KU NGADAHAR JUJUKUTAN SARENG NGALEUEUT CAI MADROSAHNA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun ku ulama-ulama, di jaman Sayyid Abdul Qodir aya tho'un, nepi ka aya ratus rebuna jalma-jalma anu maraot dina sapoe-sapoena teh, teras arunjukan ka Sayyid Abdul Qodir, dawuhanana: "Saha-saha jalma anu ngahakan jujukutan madrosah kaula, dicageurkeun ku Allah tina tho'un". Tina margi seueurna jalmi, jadi henteu cekap jujukutan pikeun ubar anu ku tho'un. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Saha-saha anu nginum cai madrosah kaula, dicageurkeun ku Gusti Allah". Teras eta jalma-jalma ngaleueut tina cai madrosahna, sareng sadayana daramang, sareng leungit eta tho'un.

MANQOBAH KA 25 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR KANA HAYAM 

Dicarioskeun, aya hiji istri ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir masrahkeun putrana sina masantren. Teras ku Sayyid Abdul Qodir ditampi sareng dipernahkeun dina tempat kholwat, tempat anu sepi. Parantos rada lami, eta awewe teh ngalongok, kasampak anakna keur ngadahar bubur kunyit, awakna kuru, teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir. Kasondong nuju tuang sareng opor hayam. Teras eta istri unjukan: "Gusti, ari Gusti mah tuang sakitu sayagina, dupi anak abdi dugi kakuru, margi nedana mung saukur bubur kunyit. Teras Sayyid Abdul Qodir ngumpulkeun tulang hayam, dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Qum bi idznillàh, hirup maneh kalawan idzin Allah". Teras eta tulang jadi hayam hirup deui. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Tah, lamun anak maneh geus bisa kieu, meunang dahar sakarep-karep, asal anu halal". Saur eta istri: "Mugi Gusti henteu bendu. Eta anak abdi nyanggakeun kumaha kersa Gusti". 


MANQOBAH KA 26 NYARIOSKEUN ANJING ANU TUNGGU ISTALNA GEUS MAEHAN MAUNG 

Dicarioskeun, Syekh Ahmad Zandah, ana sumping ka aulia-aulia sok tunggang maung, sareng sok disaruguhan 1 sapi parab meongna. Barang sumping ka Sayyid Abdul Qodir, teras miwarang marabkeun sapi paranti nimba. Barang eta sapi rek dirontok ku maung, di dinya aya anjing dina lawang istal, gabrug maung teh dirontok ku anjing dipaehan. Tidinya teras Syekh Ahmad Zandah ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir sareng nyium kana pananganana. 

MANQOBAH KA 27 NYARIOSKEUN NGAGALEUH 40 KUDA ANU SARAE NYAWISAN NU TEU DAMANG

Dicarioskeun aya hiji jalma ti nagara anu anggang ka Baghdad, sarehna eta jalma teh ngadangu kana kamasyhuranana Sayyid Abdul Qodir, teras anjeuna ngadeuheus sumping ka Baghdad. Barang sumping ka Baghdad, ningali istal kagungan Sayyid Abdul Qodir anu kalintang saena. Tatabanana emas sareng perak, sebrak sareng selana sutra anu kalintang saraena, kudana aya 40 anu moal aya bangsana saena. Tidinya eta jalma teh ngomong dina hatena: "Cenah ieu teh Waliyulloh, tapi buktina tukang Hubud Dunya, piraku aya wali resep-resep teuing kana dunya, anu kieu petana mah henteu pantes disebut Wali". Tidinya eta jalma teh goreng sangkana. Teras manehna nyemah di hiji jalma, henteu kersa ngadeuheus ka Sayid Abdul Qodir. Saparantos kitu, brek eta jalma teh gering anu kalintang repotna, sahingga dokter-dokter oge henteu aya nu sanggemeun ngubaran. Tidinya aya sahiji ulama hikmah, saurna: "Ieu panyakit moal cageur lamun henteu di ubaran ku hate kuda 40, sarta kudana anu kieu sipatanana". Ceuk jalma-jalma: "Moal aya anu kagunganeun kuda anu sarupa kitu mah, sarta sakitu seueurna jabi ti Sayyid Abdul Qodir, tapi coba-coba bae urang suhunkeun, da anjeunana mah kalintang barahanana teh". Tidinya teras eta kuda teh disaruhunkeun. Unggal-unggal poe dipareuncitan, diarah hatena, dugi ka seep sadayana. Saparantos eta kuda seep, anu teu damang teh teras damang, sareng teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir bade nganuhunkeun. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Lamun maneh henteu terang, eta kuda teh, pangna dibeuli ku kami, keur nyawisan maneh, sabab kami nyaho, yen maneh datang kadieu samata-mata resep ka kami, jeung bakal meunang panyakit, moal aya piubareunana jaba ti 40 hate kuda nu kitu sipatna, tapi maneh henteu nyaho, buktina nyemah oge dinu sejen. Tidinya teras eta jalma teh tobat, sareng dilereskeun patekadanana. 

MANQOBAH KA 28 NYARIOSKEUN SAKABEH JIN IPRIT AYA DINA BAWAHAN KAKAWASAANANA 

Dicarioskeun, Kangjeng Nabi Sulaeman dina hiji waktos kagungan manah melang ka jalma-jalma di akhir zaman, margi bangsa jin kalintang barengalna, sarta carulangungna. Saurna: "Kumaha engke saenggeus henteu aya aing eta bangsa jin jeung syetan? Mana teuing moal ngahargaanana ka bangsa manusa. Cacak ayeuna oge keur aya keneh aing sakitu barengalna". Tidinya aya sora tinu ghoib: "Anjeun entong melang, sabab engke aya panutup Nabi, nyaeta Nabi Muhammad SAW. Salah sahiji putrana aya anu jenengan Abdul Qodir. Tah eta anu bakal dipaparin kakawasaan ngabawah bangsa Jin sareng syetan. Moal aya hiji jin atawa syetan anu henteu turut ka anjeuna".


MANQOBAH KA 29 NYARIOSKEUN NGAHAMPURA RAJA JIN KA JALMA ANU MAEHAN PUTRANA 

Dicarioskeun ku ulama Baghdad, di Baghdad aya hiji alim. Saba'da jum'ah anjeuna angkat ziarah ka kuburan diiring ku santri-santrina. Barang di jalan, mendak oray hideung, teras diteunggeul ku tungkedna dongkap kapaeh. Saparantos maehan oray, reup poek ku mega. Les alim teh teu aya. Santri-santrina kalintang karageteunana, teras pada milari, tapi weleh henteu kapendak. Kinten-kinten sajam ti waktos henteu aya, eta alim teh sumping deui, sarta ginding luar biasa. Teras ku santri-santri dibarujeng sareng ditaros. Saur ulama: "Tadi teh basa poek, kaula dibarawa ku pirang-pirang jin ka hiji pulo. Tuluy dibarawa ka jero laut, ka nagara jin. Tuluy kaula dideuheuskeun ka rajana. Kasampak rajana keur ngadeg dina kartil karajaan. Dipayuneun raja aya mayit dijolopongkeun dina luhur dipan anu kacida alusna. Sirahna beulah. Getihna ngucur keneh kana awakna. Tidinya tuluy mariksa ka jin anu mawa kaula. Saurna: "Saha ieu teh?". Saur balad2na: "Ieu teh jalma anu maehan putra Gusti tea!". Tidinya tuluy eta raja ningali kakaula. Ningalna bangun pohara benduna. Saurna: "Naha maneh make maehan anak kaula henteu kalawan dosa? Piraku maneh henteu nyaho dosana maehan? Kapan maneh kasebut ajengan?". Dijawab ku kaula: "Perkawis maehan tuang putra, jisim abdi henteu pisan-pisan. Sumawonten maehan, pependak oge henteu!". Saur raja: "Maneh moal bisa mungkir, sabab tah saksi sakitu lobana". Dijawab deui ku kaula: "Sadayana oge bohong, fitnah wungkul". Sanggem saksi-saksi: "Cobi ku Gusti parios getih anu aya dina iteukna". Saur raja: "Ari eta dina iteuk maneh getih naon?". Jawab kaula: "Ieu mah getih tina maehan oray". Saur raja: "Maneh jalma pangbodo-bodona. Mun teu nyaho, tah oray teh anak kaula". Tidinya kaula bingung henteu bisa ngajawab deui. Bumi alam asa rapet tina bawaning ku susah. Tuluy raja ngalieuk kapanghulu. Saurna: "Ieu jalma geus ngaku maehan anak kaula, geura bere putusan hukum pati!". Tidinya tuluy panghulu mere putusan, yen kaula kudu dipaehan. Tuluy kaula dipasrahkeun ka logojo. Barang kaula rek disabet ku logojo, kaula ngajerit dina hate, nyuhunkeun tulung ka Sayyid Abdul Qodir. Barang kaula ngajerit, jol aya hiji lalaki anu mancur cahayana. Ceuk eta lalaki: "Ieu jalma ulah dipaehan, sabab muridna Sayyid Abdul Qodir. Lamun ku anjeun dipaehan, kumaha pijawabeun anjeun ka Sayyid Abdul Qodir upami anjeuna bendu?". Saur raja: "Ajengan, kulantaran kaula ngagungkeun ka Sayyid Abdul Qodir, dosa anjeun anu sakitu gedena dihampura kukaula, ngan memeh mulang, pangimamkeun heula nyalatan anak kaula jeung pangmacakeun istighfar". Tuluy kaula dibere papakean. Sanggeus beres nyalatan, tuluy kaula dianteurkeun deui kadieu. 


MANQOBAH KA 30 NYARIOSKEUN TAMBANA JALMA ANU DIHEUREUYAN JIN

Dicarioskeun ku Syekh Jalalul Bukhori: Saha-saha jalma anu diheureuyan jin,baca tompokeun kana ceulina: "yà hadlrotasy syekh quthbul 'àlami muhyil haqqi waddìnis sayyid 'abdul qòdiril kailànì", Insya Allah cageur. Jeung saha-saha jalma anu sieun kurampog atawa kumusuh,tuluy nyokot taneuh hideung,baca jenengan SAQ dina eta taneuh,tuluy awurkeun kajihat anu dipikasieun tea,Insya Allah diraksa ku Gusti Allah. Jeung saha-saha anu meunang kasusahan atawa kahesean,tuluy tawasul ku SAQ tangtu ku Gusti Allah kasusahanana diganti kukabungahan, kaheseanana diganti ku kagampangan.
Lebih baru Lebih lama